Kaulinan urang
lembur
(sora
hayam)
Isuk – isuk,
ambu sareng abah tos aya di payuneun bumina.
Ambu :
(napian beas)
Abah : ambu
… ieu abah moal dijieunkeun cai? (sabari nangkring)
Ambu : aduh
abah hampura, ambu the hilap, keun atuh urang jieun heula nya bah. Titip heula
atuh bah ieu tapianna (nyimpen tapian beas bari kajero imah)
Abah
:euleuh, ari si ambu the kumaha?(bingung)
Pas ambu
kajero, jol daratang 3 putri abah jeung ambu ti jero imah. Nyaeta Marfu’ah,
Ijah, jeung Kokom.
Abah : aduh
putri abah nu garelis, bade kamarana enjing – enjing kieu?
Marfu’ah :
sanes abah, nembe teh tadi dipiwarang ku ambu mersihan beas, bilih aya batu anu
nyarelap tina beasna.
Ijah jeung
kokom : muhun abah (babarengan)
Abah : oh, panya abah teh bade kamana kitu. Tah sok atuh
candak tapianna (ngasongkeun tapian beas)
Kokom : (nyandak tapian sabari dibawa)
Ambu : (datang bari mawa cai kopi) eh, ari si ujang
kamana? Naha, sare keneh kitu?
Ijah : muhun ambu, tuh di kamar keneh nuju ngagoler bari
di samping sarung. (sabari milihan beas)
Ambu : (geleng – geleng mastaka) astaghfirullah hal
adzim, eta budak hiji – hijina lalaki, kacida kedulna. Ko’ah... ko’ah... gewat
hudang, kadieu bantuan abah nyeukeutan peso. Lain sare wae maneh teh!
Abah : naon ari ambu, da abah mah teu nuju nyeukeutan
peso. (bingung sabari ninggal ka ambu)
Ambu : (mikeun peso) yeuh pesona, tah geura seukeutan.
Abah : (nyokot peso ti ambu) eh ambu, ari ieu peso
timana?
Ambu : timana weh atuh abah. Abah mah hoyong terang wae.
Lamun basa gahol na mah KEPO. Ges ah bah, tuh dek ngageroan si ko’ah kalah teu
jadi, Ko’ah... ko’ah...
Marko’ah : (jol ti panto make samping sarung bari
lunglay) aya naon ambu?
Ambu : euh,, alus nya maneh ko’ah, jam sakieu karek
hudang!
Marko’ah : aduh ambu, marko teh kedah sabaraha kali ngawartosan
ambu. Nyebatna ulah ko’ah tapi marko, supados keren mun basa ingrisna mah co ol
gening. Tapi, upami ambu bade nyauran abdi ku ko’ah mah, nyauranna kedah afdol.
Siga kieu tah aya lekoh – lekoh na gening. KO’AH (meragakeun). Tah kitu ambu.
Ambu : alah,, ngaran mah teu kudu dialus – alus, ari ges
kitu mah kitu weh. Ulah ciga toke hayang jadi maung, da moal nyambung atuh.
Jeung eta deui nanaonan, make kaos kaki kalahkah sabeulah. Naha, maneh teh geus
eror kitu?
Marko’ah : keun wae atuh ambu, da marko ieu nu make sanes ambu. Nya Kumaha marko weh.
Ambu : euh, dasar hese diatur budak teh! Ges gewat tuh bantuan
si abah! (nunjuk ka abah)
Marko’ah : nya entos atulah. (sabari calik gigiren abah)
Kokom : ambu, ieu beasna tos bersih tur kinclong. Ayeuna
wios ameng?
Ambu : oh, tos beres gening. Nya sok simpen weh didinya.
(nyamperkeun kana tapian beas, nyokot bari abus ka imah)
Kokom : asiik..
Marko’ah : tuh gera ambu, ari si kokom jeu si teteh wios
ameng ge, ari marko teu kengeng. (nunjuk ka 3an)
Ijah : ah eta mah DL weh. Bongan beut hudangna beurang.
(melak cangkeng) hayu ah urang ulin weh, keun bae si ko’ah mah tong di ajakan.
Bongan, kedul beakeun ku sorangan! (bari indit)
Marko’ah : bae weh! (rada nyentak)
Kokom, ijah & fu’ah : (pura – pura teu ngadenge)
Marko’ah : bah, ko’ah mah, eh poho. Maksudna marko mah
tos weh ah mantuanna. Marko mah bade ameng weh ah. (nyimpen peso bari indit)
Abah : euleuh eta budak. Abah ditinggalkeun sorangan. Ari
kieu mah nya entos weh abah mah bade kajero wae ah. (nangtung bari kajero)
Sarengsena mantuan abah, tuluy marko’ah nyusulan dulurna
anu nembe bade mulai ngulinkeun kaulinan. Tapi, ti kajauhan dongkap rencang nu
sejen, anu bade ngiringan eta kaulinan nyaeta namina eha.
Eha : ijah, kokom, fu’ah... (ngagorowok ti jauh keneh)
Kela dagoan
atuh, urang rek ngiluan yeuh.
Marfu’ah : nya sok bae upami bade ngiringan mah. Kadieu
atuh (sabari ngajak)
Kokom : hayu atuh urang mulai weh langsung.
Ijah : emang urang dek ulin naon?
Eha : enggeus weh urang ulin endog – endogan. Arapal teu?
Marfu’ah : nya apal atuh eha. Piraku weh urang sunda teu
apal endog – endogan.
Kokom : sok atuh hayu.
Babarengan : endog – endogan mata sapi bolotot, goleang –
goleang peupeus hiji pre.
Marko’ah : ih naon kitu. Hahaha,, teu bisaeun.
Ijah : lain teu bisa nyaho, apal mah apal, ngan pura –
pura poho weh.
Marko’ah : haha, eta mah tibalik. Kuduna mah endog –
endogan peupeus hiji pre, goleang – goleang mata sapi pareureum.
Kokom : ko’ah, naha pareureum lainna bolotot?
Marko’ah : apanan sapina katurunan cina, sararipit. jadi
teu bisa bolotot.
Marfu’ah : euleuh si ko’ah mah aya – aya wae.
Tukang nginuman : (ngaliwat bari eureun nawarkeun)
pokarewet ku aa, pokarewet ku aa..
Kokom : mang naha nyebatna pokarewet ku aa?
Tukang nginuman : (nyampeurkeun) eh, ari si eneng teu
apal? Apanan pokarewet teh pocari sweet, lamun ku aa aqua.
Ijah : naha dikitu – kitukeun ngomongna?
Tukang nginuman : aduh, apanan emang teh urang sunda.
Jadi teu bisa nyebat pocari sweet, tiasana ge pokarewet.
Marfu’ah : ari eta bisa gening.
Tukang nginuman: eta mah conto. Bade meser moal? Mun moal
dek ngider deui yeuh. Tos ah, ngider deui weh. Pokarewet ku aa... pokarewet ku
aa...
Ijah : hayu ah urang ulin deui. Sok ko’ah dek ngiluan
moal? Kadieu diuk.
Marko’ah : (nyampeurkeun bari diuk)
Kokom : eh, engges – engges. Ulinna tong eta wae ah
bosen, nu lain atuh.
Marfu’ah : emang kokom hayang ulin naon?
Kokom : naon nya? (mikir)
Ijah : tah kumaha lamun ulin tatarucingan?
Eha : hayu.
Ambu & abah : (ngaliwat bari nyampeurkeun)
Ambu : eh, kapendak sareng putra ambu. Nuju naraon
didieu?
Abah : muhun, nuju naraon didieu?
Marfu’ah : ieu bah, nembe teh bade ameng tatarucingan.
Ambu : oh tatarucingan, atuh eta mah karesep ambu pisan.
Ambu ngiringan atuh.
Abah : abah oge ngiringan atuh. Da sami abah ge resep ari
tatarucingan mah.
Ijah : hayu ambu, abah ngiringan weh. Ameh rame.
Ibu 1 : (ngaliwat bari nyamperkeun) eh, nuju naraon meni
rame?
Kokom : bu, ibu bade ngiringan tatarucingan oge?
Ibu 2 : atuh eta mah pasti ngiringan. Apanan eta mah kaulinan
ibu keur alit.
Ibu 1 : muhun atuh ibu ge ngiringan nya.?
Kokom : mangga pisan atuh bu.
pupuh magatru Tatarucingan ...
by: waode melisa lestari